Si Kabayan dititah ngala nangka ku
mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si
Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si
Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé
pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “
pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka
walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh
nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan
ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya
kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?”
Mitohana nanya.
“Har, naha can datang kitu? Apan
tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.
“Ari manéh, na mana bodo-bodo
teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun
pisan.
“Wah
nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari
ngaléos


0 komentar:
Posting Komentar